[Karya Siswa] Bandung, 20 Taun ka Payun

Ku: Gibran Andhika Wibisana

Ningal kota anu ditempatan ku simkuring ayeuna, kota Bandung. Ibu kota propinsi Jawa Barat, nu dipikahoyong ku seueur jalmi pikeun disumpingan, atanapi dilinggihan. Kasebatna mah kota Paris Van Java téa.

Pikeun seueur jalmi nu teu linggih di diri, saurna mah Bandung téh tempatna éndah pisan. Aesthetic saurna. Mung pikeun urang, anu nyaan linggih di Bandung, tangtosna terang pisan kumaha kondisi Bandung anu saleresna. Saé? Tangtos saé. Mung, aya kénéh poin-poin anu kudu diperhatoskeun pikeun diévaluasi saterasna.

Tah, kumaha yeuh, kondisi Bandung pikeun kapayunna? Langkung saé, atanapi kitu-kitu waé? Ah, meni awon pikiran téh. Tangtosna urang salaku warga di Bandung — atanapi ti luar Bandung ogé — miharep ieu kota bakal langkung maju.

Yu ah, urang titénan kumaha Bandung kapayunna. Bandung 20 taun ka payun. 

Tina pamikiran pun mah, 20 taun ka payun, Bandung téh —(kedah)— tiasa ngawujudkeun sloganna, nyaéta “Bermartabat” mangrupakeun singketan ti “bersih, makmur, taat, dan bersahabat.” Kumaha nya, wentuk interprétasina?

  1. Bersih (beresih)

Bandung salaku kota anu mindeng kéngéng panghargaan Adipura, tos kedah miranda cara nyata pikeun ngawujudkeun kotana tetep — tur teras — beresih. Ulah dugi masarakat Bandung ngacap ieu kota téh mung pencitraan wungkul. Beresih téh badé dipenteun wungkul. Tos kéngéng Adipura, kotor deui. Ironis, tur sok kejadian ogé  di sababaraha tempat.

Ku sagala programna, Bandung saleresna parantos damel kalayan soson-soson pikeun ngawujudkeun kota nu bersih dina fisikna. Nu simkuring émut mah, aya program GPS (Gerakan Pungut Sampah) sareng Kangpisman (kurangi, pisahkan, manfaatkan) téa. Dua program nu aya di sadaya daérah di Bandung éta, tujuanna jelas, hasilna ogé. Tapi nu disayogikeun ayeuna mah panerapanana. Panerapan tina GPS éta. Ogé ti Kangpisman nyalira. Panerapan nu tiasa urang tingal langsung. Sanés promosi wungkul. Kangen, ti simkuring mah ieu program parantos langkung ti cekap. Sakali deui, kantun panerapanana.

Pikeun pamaréntah mah, kedah tiasa — tur kersa — pikeun ningkatkeun sistem pangokolaan runtah di daérahna. Boh ti handap (pangangkutan runtah di lingkungan rorompok), dugi ka prosés pangolahanana. Ditingkatkeun pikeun janten langkung modéren deui. Pami tos aya nu modéren téa mah, kantin ngaluyukeun, seueuran éta inovasi téh. Sangkan pikeun kapayunna, moal aya petugas kaberesihan nu mawa roda beurat. Patugasna tetep aya, tiasa ogé ditambih mung pelaksana modéren tur gampang dianggéna.
Pami éta cara nyata leres ayana,  simkuring yakin, kaberesihan di Kota Bandung bakal saterasna janten nu pangsaéna di Indonésia

  1. Makmur (waluya)

Usaha di Bandung mah, aya waé. Padahal, dina kaayaan ayeuna, mangsa sasalad. Ékonomi masarakat téh, minimalna, bertahan. Lain ka payun, kota Bandung bakal janten kota nu unggul dina urusan ékonomi dibandingkeun sareng kota-kota sanés nu mmibanda kaayaan géografis tur demografi nu demi sapertos Bandung.

Ékonomi kréatif ogé kalebet janten salasahiji pondasi ékonomi di kota ieu. Tiasa ditingal tina pangembangan anu aya di unggal séktor. Ti widang iklan, Bandung sok dicarioskeun ku konsép iklanna nu unik. Widang pamusikan? Kota Bandung ogé jagona. Seueur musisi solo tur grup band anu gumelar kota kembang. Dina widang anggéan? Tos jelas. Seueur produk anggéan ti Bandung nu laun-laun lebet ka tingkatan nasional Ogé seueur kénéh séktor ékonomi kréatif nu sanésna di Kota Bandung, nu tiasa disebat, sok nyiptakeun produk-produk nu unggul tur bersaing. 

Tera, naon hubunganna dua hal di luhur sareng pangembangan ékonomi di Kota Bandung 20 taun ka payun? Urang kedah ngakukeun yén urang Bandung mah sok kréatif dina bisnis. Nu langkung saéna, seueur bisnis nu suksés. Ku ayana usaha lokal nu sukses ogé lebet kana tingkatan nu langkung luhur, bakal muka seueur lowongan.. Ku kituna masarakat Kota Bandung taun ka payun bakal langkung waluya ti dinten ieu.

  1. Taat (nurut)

Masarakat kota Bandung 20 taun ka payun, ti pamikiran simkuring mah, bakal langkung ta’at tibatan masarakat nu ayeuna. Jaman ayeuna mah, seueur nu pamikiranna langkung terbuka tur kersa owah. Anu teu ta’at? Tangntosna aya, ku 2 kamungkinan, nyaéta, aya alesan nu ngabalukarkeun anjeunna teu ta’at, atawa émang tabéatna alim taat.

Angka kata’atan bakal ningkat, tapi saéna mah éta téh disarengan ku  léngkah ti Pamaréntah Kota Bandung. Carana, ku ngabasajankeun sagala wentuk ugeran. Dina harepan mah, moal aya ugeran nu ngadamel masarakat nganggé jasana calo. Teu aya ugeran ju ngalieurkeun, ngariweuhkeun. Pami ayeuna, aya kitu nu kitu? Tacan tangtos ogé. Mulih deui ka nu ditingal langsung ku masarakat. Tapi sakali deui, tangtosna bakal saé mun éta birokrasi téh taya borok. Warga Bandung ogé bakal langkung nurut upami ugeranna basajan katut fléksibel.

  1. Bersahabat

Nyobat nu bakal dirangkum nyaéta “nyobat ka parubahan”. Duka kunaon, pun mah yakin yén masarakat Kota Bandung 20 taun ka payun bakal langkung siap ka parubahan tur mikirna bakal langkung terbuka téa. Tangtosna dinu hal nu positip. Ti éta kondisi, kabayan dina pipikiran, yén moal mungkin sikap maju sapertos kitu kawentuk langsung waé. Kedah aya balukarna, nyaéta atikan Kota Bandung nu ku kaunggulan aparatur katut programna, bakal janten langkung majeng.

Éta nu katitén ku simkuring mah. Warga kota Bandung 20 taun ka payun bakal janten warga nu nyobat tur nampi kana parobahan, tur langkung  majeng atikanana. Naha sih, éta parubahan kuat ka penting diangken? Basajan waé, jalmi ju hoyong majeng kedah kerasa owah dina pamikiranna, owah dina paripolahna. Pami taya pangersa pikeun nampi parobahan, kamajuan hiji tempat moal tiasa kahontal.

Ku kirim, tiasa dicindekkeun tina paparan di luhur, yén 20 taun ka payun, Bandung tiasa janten naon waé. Tiasa langkung majeng, atanapi mundur. Kamajengan kota urang, ditangtoskeun ku kahoyong wargana pikeun owah, katut gawé bareng antawis masarakat jeung pamaréntah.

20 taun ka paun, Bandung bakal majeng. Saratna, sadaya jalmi di ieu kota, kersa pikeun ngaléngkah dina kamajengan. Sakitu nu kapihatur.

Leave a Comment

Your email address will not be published. Required fields are marked *