Ku : Dian Brilyan Priyangga
Haji Hasan Mustapa atawa nu kawéntar ku landihan HHM nyaéta ‘cendikiawan’ nu kacida lilana kasohor ku urang Sunda. Nalika ngantunkeun taun 1930, kakara 59 taun tuluy kumpulan karya tulisna “HHM jeung Karya-Karyana” bisa dibaca public dina upaya gigih Ajip Rosidi.
Sawatara panalungtik geus nyobaan ngadeukeutan karya jeung pribadina pikeun kaperluan skripsi, tesis, jeung disertasi, anapon hiji ogé tacan aya nu maluruh sacara jembar.
Acan muncul karya mandiri nu ngajeroan ‘renungan’ HHM ngeunaan filsafat, téologi, tasawuf, sastra, jeung kabudayaan.
Hikayat gaya hirup HHM nu diajén kontroversial mingkin leuwih jadi mitos ti batan jadi bahan kajian ilmiah, saumpamana waé tina disiplin psikologi.
Paripolah khariq al-adat (Di luar tina kabiasaan), zadab (trance di luar control diri), atawa mahiwal, sabenerna lazim dialaman ku ilmuwan dina prosés néangan bebeneran.
HHM diduga tokoh nu sok merenung yang kesepian. Manéhna teu ngarasa deui manggih sparing-partner nu saimbang sahingga tepi ka néangan ‘kuring’ dina dangding-dangdingna.
Manéhna disebut jauh ti kalangan ulama pasantrén ku sabab sikepna nu kritis. Manéhna teu manggih balad sawala nu satara sabada Snouck Hurgronje balik deui ka nagarana.
Dugaan ieu mingkin kuar ku komunitas HHM sabada ahir masa kahirupanna, nu lain santri jeung ilmuwan, nu nempatkeun minangka ‘jelema suci’ ku sawatara mitos.
HHMP teu miboga santri jeung komunitas di sagédéngeunana nu teu pernag soson-soson jadi santrina. Minangkat nu ngantu tarékat syatariah manéhna ogé teu ngamuridkeun.
Karya-karya HHM ahirna karasa ékslusif. Hiji panyababna nyaéta can aya nu bener nalungtik laju ngapublikasikeun.
Saperti dicutat dina Bab Adat-adat Urang Priangan jeung liana éta, HHM ngadéfinisikeun Sunda minangka Sundek (sempit/heurin) jeung suda (kurang. Sundek dititén tina sawatara sisi, diantarana kahiji, pangartina. Tara aya pikiran nu panjang, paribasana ogé “jadi jelema kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan”.
Kadua, basana. Mahi ku saeutik, walatra ku pamakayana. Ngan merlukeun sakur nu payu baé. Laju suda, ku sabab lembék haténa, jeung tara panjan pikiran ka anu langka pikasorangeunana.