[Karya Guru] Urang Sunda Nurutkeun HHM #2

Ku : Dian Brilyan Priyangga

Wangenan umum dina artikel saméméhna nu medar ngeunaan Urang Sunda nurutkeun Haji Hasan Mustapa ditulis dina taun 1913, jeung tujuh taun kalarung, dina Adab Padikana Qur’an, HHM leuwih ‘menusuk’ réalitas urang Sunda-Islam.

Manéhna ngumpulkeun 105 ayat ti 6666 ayat Al-Qur’an. Sabab nurutkeun manéhna mung ieu nu bakal kahontal ku kapasitas urang Sunda. Saleuwihna, utamana dina ayat-ayat nu pinuh ku lalandian atawa métafora, HHM nyebutkeun,

“Eta mah ku kaula henteu dipetik sabab jauh pisan katepina ku prawira sasmitana bangsa kaula, élmuna, amalna, tedakna pakakas bahasa Arab, hikmatna, surtina kana kajadian dunya karana bangsa kaula ngan tiap tepi kana sisindiran, kirata, wawangsalan.”

Pilihan HHM dina 105 ayat ieu, lain hiji hal nu has. Sawatara ulama ogé ngalakukeun ha lieu saluyu jeung disiplin inti kaélmuanna. Antara lain aya nu diaranan minangka qalb Al-Qur’an.

Unggal ulama ogé béda dina nangtukeun ayat inti unggal surat dina Al-Qur’an ieu. Nu matak ngirutna dina karya HHM mangrupa pamadegan kritisna dina kapasitas kaislaman urang Sunda. Manéhna ngarasa cangcaya dina kamampuh urang Sunda pikeun neuleuman eusi Al-Qur’an sacara gembleng.

Ieu hal nu jadi patalékan urang-urang ayeuna, masih rélévan henteu dina kacangcayaan HHM ieu?

Ayeuna geus muncul sawatara karya nu deukeut jeung HHM ti unggal sisi nu baris ngungkab sosok HHM nu leuwih kompréhénsif. Aya buku Hasan Mustapa: Ethnicity and Islam in Indonesia nu diédit ku Julian Millie (2017),  Informan Sunda masa kolonial: surat-surat Haji Hasan Mustapa untuk C. Snouck Hurgronje dalam kurun 1894-1923 karya jajang A Rohmana (2018), aya Haji Hasan Mustapa Sufi Besar Tanah Pasundan karya E. Rokajat Asura (2020), jeung réa-réa deui.

Pamadegan HHM ngeunaan urang Sunda dimedalkeun HHM dina taun 1338H/1920M. sakumaha kondisi urang Sunda-Islam di mana mangrupa puncak dina cumponna atikan pasantrén saméméh ayana campur tangan kolonial jeung huru-hara perang.

Sakumaha disebutkeun Martin van Bruinessen dalam Kitab Kuning, Pesantren dan Tarekat (1999), tepi dina taun 1920-an. Sawaréh pendatang di Makkah asal mulana ti Pulo Jawa. Maranéhna datang pikeun guguru ka sawatara ulama nu ngajar di Masjid Al-Haram. HHM kaasup alumni ‘paguron luhur’ Masjid al-Haram ieu.

Leave a Comment

Your email address will not be published. Required fields are marked *