[Karya Guru] Urang Sunda Nurutkeun HHM #4

Ku : Dian Brilyan Priyangga

Jauh sabada HHM tilar dunya, atikan pasantrén Sunda masih terus néangan wangun. Faktana pasantrén di tatar Sunda can bisa ngulang deui mangsa kajayaanana.

Kurikulum Pendidikan pasantrén eureun dina tingkat menengah dina kajian nu fokus ka hukum Islam jeung élmu alat.

Lembaga paguron luhur Islam (PTI) saperti UIN ogé can bisa malikeun suasana ilmiah saperti nu diciptakeun Mama Gedong. Ku sabab salian aya santri/mahasiswa nu minat jeung bakat nu luhur, ogé kudu aya ajengan/dosén nu bener-bener masagi.

Pamadegan HHM ieu geus liwat ti 100 taun. Jarak waktu ieu, sahenteuna diliwatan dua-tilu generasi, mangrupa mangsa nu cukup pikeun hiji komunitas pikeun diajar jeung bisa rubah.

Salila ieu jumlah pasantrén beuki nambahan. Nalika IAIN Sunan Gunung Djati diadegkeun taun 1968, paguron luhur sajenis diadegkeun ogé di unggal kabupatén di Jawa Barat.

Tapi saha cendekiawan muslim-Sunda nu luyu pikeun disebutkeun? Saha élmuan nu salian ngawasa élmu kaislaman ogé kudu nyunda saperti HHM jeung Mama Gedong?

Teu kudu wiring pikeun nyebutkeun yén dina waktu 100 taun ieu nyatana can cumpon, teu kudu nyieun apologia.

HHM jeung Mama gedong anyar can gumelar jaba karya-karyana ogé can kapedar sakabéhna.

Sapertina acan aya karya aplikatif nu dadasarna tina Qur’an – Hadits nu disusun husus pikeun urang Sunda. Karya nu weuteuh saluyu jeung budaya, kondisi géografis jeung alam Sunda.

Karya kritis nu bisa ngarojong urang Sunda pikeun bisa leupas ti ‘kurung’ sundek-suda-na. atawa saumpama kudu jujur ka HHM, yén kritikanna tetep aktual jeung pas tepi danget ieu. Yén émang can mampuh narima konsékuénsi berislam sapinuhna.

Leave a Comment

Your email address will not be published. Required fields are marked *