Ku: Gibran Andhika Wibisana
Waktu karasa nyérélék, ayeuna urang aya di juru taun 2021. Lian ti kitu, ieu sasalad COVID-19 téh aya di sabudeureun urang salila leuwih ti hiji satengah taun. Tangtuna, katitén sababaraha pangaruh éta sasalad téh, boh dina séktor kaséhatan, boh dina séktor nu lianna saperti atikan, ékonomi, pariwisata, tur séktor-séktor nu lianna.
Ieu Virus Corona geus nincak kana bulan ayeuna, nya éta Nopémber 2021, geus nginféksi leuwih ti 4 juta manusa di Indonésia. Tangtuna ieu kaayaan téh ngabalukarkeun masarakat nu jadi hariwang kana kaayaan dirina sorangan. Ku kituna, urang kudu bisa ngajaga kaséhatan urang salila ieu sasalad, sanajan angka dina kasusna keur dina kaayaan turun ogé.
Saumpama ditalungtik mah, program anu disosialisasikeun salila sasalad ku pamaréntah téh geus cumpon pikeun ngajaga ogé miara kaséhatan urang-urang. Salasahiji programna nya éta program “Iman, Aman, Imun”. Ieu Program disosialisasikeun dina konperénsi pérs, ku Pupuhu Pasukan Penanganan COVID-19, Bapa Doni Monardo. Udagan dina ieu program nya éta masarakat kudu bisa ngaronjatkeun kaimanan, ngajaga dirina sangkan aman, ogé ngabentuk imunitas waruga dina ngalawan ieu virus, nu tangtuna ogé bakal miara kana kaséhatan urang.
Tah, urang kawitan ti poin nu kahiji, nya éta poin iman. Pikeun mayoritas, nya éta umat Muslim. Pikeun miara kaséhatan, tangtuna urang kudu widi heula ti Pangéran. Teu tiasa urang ngalakukeun usaha-usaha nu sipatna jasmani, tapi kabutuhan rohani urang teu kacumponan. Ku ayana program Work from Home/study form home atawa damel tur diajar di sakola ieu, urang janten gaduh waktos nu langkung seueur pikeun ngalakukeun ibadah, boh nu sipatna fardhu atanapi kedah dilakukeun, boh anu sipatna sunnah (saé pikeun dilakukeun, tapi teu wajib).
Pikeun masarakat nu gaduh kapercantenan nu benten, tangtosna sami. Kedah gaduh widi heula tinu “di luhur”. Pami urang parantos ngalakukeun ibadah kalayan leres, tur ogé parantos nyungkeun dipasihan kaséhatan, Pangéran mah moal teu nguping. Insha Alloh, Pangéran bakal ngaijabah kana du’a anu urang dugikeun.
Mulih deui ka topik nu munggaran dibahas, nyaéta miara kasehatan. Miara kaséhatan teu cukup ku du’a wungkul. Kedah aya usaha nu urang lakukeun sangkan urang tiasa mibanda kaayaan waruga anu sehat. Pami istilah dina agama Islam-na mah, kedah aya ikhtiar-na. Teu bisa instan ku du’a, urang kéngéng hal aku ku urang dipikahoyong.
Tah, didieu peranna poin nu kadua sareng katilu, nyaéta “aman” sareng “imun”. Aman didieu hartosna urang katangtayungan tina eta virus, nu tiasa wae nyerang kana kaséhatan urang. Poin aman ieu, biasa disosialisasikeun dina wentuk singketan dina basa Indonésia, nyaéta 5-M.
Nu kahiji, “memakai masker” atawa nganggé masker. Urang kedah nganggé masker dina waktos urang kedah kaluar ti bumi. Ieu masker téh gunana pikeun nyegah droplet atawa ciduh nu tiasa waé kaluar ti pangambung batur ngaliwatan bersin, nu tiasa ogé kaluar tina baham jalmi nu batuk. Masker nu dianggé kedah masker nu saé, numutkeun kana standar anu parantos didamel ku Departemén Kaséhatan. Masker nu dianggé kedah mibanda 2 lapisan pami éta masker didamelna tina kaén. Nu langkung saé mah, masker nu diangge nyaéta masker bedah atawa masker kaséhatan, salasahijina masker N-95.
Nu kadua, “menjaga jarak” atawa ngajagi jarak urang sareng jalmi nu sanésna. Janten, salami ieu sasalad aya kénéh mah, urang téh ulah caket-caket heula sareng jalmi nu henteu urang terang kaayaan kaséhatanana. Komo deui sareng jalmi nu teu damang mah. Pikeun jarakna, tos aya ugeranna ti WHO (organisasi kaséhatan dunya) sareng ti Departemén Kaséhatan, nyaéta hiji satengah meter.
Nu katilu, nyaéta “mencuci tangan”, atawa sibanyo. Sibanyo didieu ogé tos aya ugeranna, teu tiasa asal ngawasuhkeun cai kana panangan. Cai nu dianggé kedah ngocor, sanes cai kobokan nu dianggé sababaraha kali. Wawasuhna gé kedah ngangge sabun, tur waktos pangsakedapna nyaéta 20 detik. Janten, sangkan panangan urang bersih tina sagala kokotor, kalebet virus tur baktéri, urang kedah wawasuh kalayan leres tur numut kana standar nu tos didugikeun ieu.
Nu kaopat sareng kalima, nyaéta “mengurangi mobilitas” sareng “menghindari kerumunan”. Saleresna ngirangan mobilitas dina mangsa transisi ayeuna, di mana urang parantos ngawitan ngalaksanakeun prosés atikan di sakola deni mah, kakupingna rada teu nyambung. Maenya, urang tos kedah aktivitas di luar, tapi mobilitasna dikirangan? Tah, maksadna dikirangan ieu téh nyaéta mobilitas di luar kagiatan urang sadidinten. Cekap wé angkat damel, ka sakola. Kaluar upami aya peryogi wungkul, kumargi sapertos parantos disayogikeun ti kawit yén ieu sasalad tacan réngsé.
Numutkeun kana dikiranganana kagiatan urang di luar ku pangwatesanan anu urang wentuk tur larapkeun nyalira, “M” anu kelima bakal langsung kalarapkeun. Ku urang aya di rorompok, teu seueur di luar ogé, parantos ngajauhkeun urang ti kukumpulan jalmi nu tiasa waé janten klaster téa kasebatna mah.
Lebet ka poin katilu, nyaéta “imun”. Imunitas ieu penting pisan pikeun ngajagi kaséhatan urang. Tah, kumaha carana pikeun ngawentuk imunitasnu saé ieu, sih? Seueur carana, saé pisan mun tiasa dilakukeun sadayana mah.
Tangtosna urang kedah tuang sareng makanan nu kandunganna saé. Saé didieu sanes mahal, tapi kedah saimbang. “4 sehat 5 sempurna” téa programna mah. Kedah aya karbohidrat, protein, vitamin, sareng mineral nu diperyogikeun ku waruga urang, sangkan urang saterasna séhat.
Nu salajengna ogé saleresna mah kedah urang lakukeun. Nu salajengna didieu nyaéta olahraga, kulem nu cekap pangsakedapna mah 8 jam, nuang suplemén vitamin, tur seueur léngkah nu sanésna. Léngkah-léngkah ieu, upami tiasa, lakukeun. Upami henteu tiasa, usahakeun tiasa, sangkan kaséhatan urang saé saterasna.
Tah, didieu tiasa dicandak gurat badag, pikeun miara kaséhatan urang dina mangsa sasalad ieu saleresna mah gampang pisan. Teu peryogi artos seueur, atawa waktos nu kaétang lami. Kantun ngalakukeun naon nu kedah dilakukeun, tur tong hilap nyungkeun ka Pangéran. Kantun nurut kana léngkah-léngkah nu tos disosialisasikeun, boh tina média massa atawa ti média internét nu unggal dinten urang aksés. Insha Alloh, kaséhatan urang bakal kajaga, tur urang bakal dijauhkeun tina ieu sasalad. Aamiin…